Senin, 23 November 2009

Basa Sunda, Basa Indung Urang Sunda

Basa Sunda nyaéta basa Indung urang Sunda, anu kedah dimumulé ku urang salaku urang sunda. Lantaran saha deui anu bade ngajaga tur ngariksa éta basa upami sanés urang salaku urang sunda.
Ningali kaayaan ayeuna, murangkalih nu netep di tatar Sunda, sakola di Lingkungan Sunda, menang pangetahuan ti sunda, ogé ngahirup udara sunda, upami teu tiasa Basa Sunda mah asa teungteuingeun pisan. Upami sabagian siswa ditaros
“tiasa Sunda henteu?”
Pasti ngan sakedik nu tiasa basa Sunda. Nu sanésna mah alesanana téh teu jauh ti
“ saya bukan orang Sunda Bu, Saya pindahan dari ,,,”
nanging pas ditaros deui, “Ti iraha ngalih kadieu?”
“ Tos Sapuluh taun”
Haduh-haduh,,, parantos sapuluh taun cicing di Tatar Sunda, nanging teu tiasa Basa sunda,,”Apa Kata Dunia?”
Tos samestina, sanajan urang lain urang Sunda asli, upami tos netep di tatar sunda mah kedah tiasa Basa Sunda.
Isin atuh, ari basa Inggris nu mangrupa basa deungeun-deungeun meni kedah les kaditu kadieu, ari basa Sunda basa Indung urang sorangan teu dipikanyaah. Basa Sunda “kan” bagian kabudayaan bangsa Indonesia. Hayu urang sami-sami mekarkeun kabudayaan éta saméméh dimekarkeun ku Bangsa lian.
Ulah nepika kaduhung ditungtung!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar